Senin, 23 Maret 2015

Siloka Hayam Jeung Endog

ENDOG teh AWAL kajanteunan HAYAM
HAYAM teh nyaeta AKHIR kajanteunan ENDOG. Endog anu kapungkur ngawujud janteun hayam anu ayeuna, kun payakun, jadi mangka jadi sakahendakna tanpa nganggo alat/perkakas sareung rekayasa.

Teu kengeng milarian endog upami endog parantos janteun hayam, nyakitu teu kengeng milarian hayam upami eta hayam masih dina ujud endog. Kumargi upami urang milarian endog anu parantos janteun hayam mangka eta endog moal kapendak kurang, teras upami urang milarian hayam anu masih dina ujud endog mangka eta hayam moal kapendak kuurang. Janteun endog teh awal kahirupan hayam, ari hayam teh akhir kahirupan endog, namung sing emut (eling/dzikir) ari kahirupan hayam anu ayeuna teh nyaeta kahirupan endog anu kapungkur, teras kahirupan endog anu kapungkur nyaeta kahirupan hayam anu ayeuna, tapi,,,,,HIRUP anu ngaliputi eta endog sareung hayam teh tunggal bae ayana, dina MAKNA eta HIRUP anu tunggal teh ngaliputi kahirupan awal (endog) sareung kahirupan akhir (hayam).

Mudah-mudahan urang salaku manusa ulah janteun endog anu paeh atanapi endog anu teu kaancikan HIRUP, margina endog paehmah (kacingcalang) moal janteun hayam alias sia-sia bae teu guna sareung manfaatna.

Asal-usul urang teh asal tinu janteun ibu, ibu asal tinu janteun nini, nini asal ti buyut, buyut asal ti bao, bao asal ti janggawareng, janggawareng asal ti udeg-udeg, udeg-edeg asal ti kakait siwur....sareung sateurasn sateurasna dugi bae yen satiap manusa teh asal ti BABU HAWA. Dupi babu hawa saur sakaol hadist asal tina iga burungna BAPA adam, BAPA adam (jasadna) dijelaskeun ku qur'an asal tina 4 unsur alam anu gulung gumulung ngajanteun hiji, nyaeta tina unsur taneh anu kapanasan (seuneu), unsur taneh anu kabaseuhan (cai), unsur taneh anu kaanginan (angin), sareung tina unsur taneuh asli (taneuh), nya bleg bae eta ka-4 unsur alam teh ngajanteun jasad BAPA adam.

Dupi eta ka-4 unsur alam anu ngawujudkeun jasad BAPA adam teh asal tina NUR MUHAMMAD (Cahaya anu terpuji), nyaeta cahaya beureum, cahaya koneng, cahaya bodas, sareung cahaya hideung, dupi eta NUR Muhammad teh ghaib moal katingal ku soca lahir anging tiasa kasaksi ku paninggal batin (qolbu), rupi eta nur muhammad teh sapertos kembang api anu dihurungkeun.
Dupi eta NUR Muhammad asal ti NUR Ahmad (Cahaya terpuji) anu rupina sapertos bulan purnama tanpa bayangan, dupi eta NUR Ahmad teh asal ti Puncak cahaya nyaeta NUR MAHA SUCI atanapi NUR Ahad atanapi Nur-Dzatullah.
Janteun upami dirunut kaluhurmah urang sareung sadaya manusa teh asal ti NUR MAHA SUCI, upami saur ageuman islam mah 'innalillahi wainna ilaihi rajiun" asal ti Allah mulih ka Allah, upami saur urang SUNDA AGUNG mah "mulih ka-Dzati-na mulang ka-Asal-na".

Anu mulih ka-Dzati-na teh nyaeta raga kasar (jasmani), eta raga kasar asal tina NUR MAHA SUCI mangka wajib mulih deui ka NUR MAHA SUCI, dupi anu mulang ka asal teh nyaeta raga leumes (ruhani), ari eta ruhani teh asal ti "Wujud laesa kamislihi saeun" anu hartosna Wujud anu teu aya umpama, atanapi bila haefin makanin (Wujud teu warna teu rupa).

Janteun maksad status diluhur teh nyaeta ngaguar asal-usul manusa, awal sareung akhir kajanteunan manusa, asal timana sareung bade kamana eta manusa.
Ari CAHAYA teh AWAL kajanteunan MANUSA, ari manusa teh AKHIR kajanteunan CAHAYA. upami saur dalilmah "HUWA awalu wakhiru" Anjeuna anu AWAL (Cahaya) sareung Akhir (manusa).

Cahaya anu kapungkur (Qadim) ngawujud janteun manusa anu ayeuna (mukhadas), jadi mangka jadi sakahendakna tanpa alat sareng rekayasa. Mangka urang bakal mafhum kana hadist "Wallahu batinul insan, alinsanu dzahirullah", ari Allah teh batiniah manusa, ari manusa teh dzahir Allah.

"Wanahnu aqrabu ilaihi min hablil warid" kami leuwih deukeut ti urat beueheung.
Allah cakeut tapi teu karaba, Allah teubih tapi teu aya antara.
Singkeutnamah kitu, mudah-mudahan urang emut (eling/dzikir) kana purwa (wiwitan/asal) sareung emut kana daksina (Wekasan/akhir), DZIKIR kana awal sareung akhir, hapunteun anu kasuhun wening galih anu dipamrih tina sagala kakiranganna, wallahu a'lam.